Literasi kamis 11 08 2022

 

RADEN DEWI SARTIKA

Karya: A.Yogaswara


Anjeun satia ka Nagara

Hasil gambar untuk dewi sartikaAjeg wiwaha

Nyungkemkeun acining ati

Ka lemah cai ku wening ati


Sari puspa wangi arum

Ngatik ngadidik

Paraputra Pasundan

Nyambuang sa Nusantara


Saban wanci

Saban waktu

Anjeun babakti ka nagri

Ku wening ati


Kembang deudeuh

Teu weléh pageuh

Langgeng ngadalingding

Ngajungjung lemah cai



Dangiang kawinayan

Geus méré tanda

Anjeun pinuh wiwaha

Babakti ka nagara

Komentar