Literasi kamis 11 08 2022
SAJATINING BAKTI
KARYA: A.Yogaswara
Wanci nu jadi bukti
Darma wawayangan baé
Saban wanci babakti
Saban waktu mituhu
Sajatining ati anu wening
Balumbang rasa nu wiwaha
Pabedang-bedang
Loba kahayang
Kahayang jeung kamelang
Pagaliwota dina longkéwang
Sajating ati nu wening
Salira ajeg
Saban wanci tetep babakti
Mangpirang-pirang
Panuding dengki
Ti saban wanci
Salira ajeg
Sajatining ati nu wening
Ajeg panceg
Saban wanci tetep babakti

Komentar
Posting Komentar