Literasi kamis 11 08 2022
SAJATINING BAKTI KARYA: A.Yogaswara Wanci nu jadi bukti Darma wawayangan baé Saban wanci babakti Saban waktu mituhu Sajatining ati anu wening Balumbang rasa nu wiwaha Pabedang-bedang Loba kahayang Kahayang jeung kamelang Pagaliwota dina longkéwang Sajating ati nu wening Salira ajeg Saban wanci tetep babakti Mangpirang-pirang Panuding dengki Ti saban wanci Salira ajeg Sajatining ati nu wening Ajeg panceg Saban wanci tetep babakti